Yaa Arhamarrohimin..
Farrij Alalmuslimin..
Hayu urang reunian..
Kumpul kumpul jeng babaturan
Hayu urang babarengan..
Ngariung jeung sosonoan..
Hayu Urang reunian...rasa tadim ka guruan
Ka guru urang nepangan..
Menta do'a kaberkahan..
Hayu urang di niatan..
Sumping nyumponan uleman..
Panggeuro guru nu heman..
Mugi hasil kamangpa'atan..
Bagja hirup lin ku harta..
Komo ku pangkat komara..
Lain ku banda jeung dunya..
Tapi ku elmu nu aya..
Elmu ladang di wurukan..
Sareng guru di payunan..
Ngapalkeun jeung rerencangan..
Tangtu elmu na nambihan..
Elmu nu ladang di kaji..
Di payuneun sang murobbi..
Jadi beukeul pikeun diri..
Kenging bagja nu haqiqi..
Salam Reuni HABKAH anu ka 5
Komentar
Posting Komentar