Catetan Opat Taun Lalayaran di Dunya Pasantrén
Kitu ogé anjeunna. Pun guru. Akang Sepuh. Teu pati-pati anjeunna maksa ngaji (mun mémang sigana maksa), ngajurung-jurung nitah tahajjud, ngadodorong nitah berjamaah, ngajak loba maca Quran, medar haji, ngabibita ku ngadongéngkeun lalakon umrah, nitah réa sodakoh, réa amal solih, galak dina sual kabersihan, ngahayoh-hayoh tawasul, ziarah, marhabaan, iwal jang naon atuh?
Taya deui iwal sangkan urang hasil maksud. Bisa kahontal cita-cita jeung tujuan. "Balik ka lembur mawa jodo élmu jeung jodo lahir."
Ah dzohirna mah maréntah, nitah, padahal éta téh jang diri sorangan. Kang kamaslahatan nu jadi santri. Estu beresih palay ngajak santrina sangkan meunang kabagjaan dunya, kasalametan ahérat. Najan tandonanna waktu kulemna kasita, waktu tuangna boa iraha, émutan jeung puseur kapentinganna ukur santrina, kacapé bororaah dirasa. Anaking, santri kuring. Kitu meureun nu aya dina manahna. Nu diseja iwal ti bajoang milari rido Gusti dina ieu jalan sawarga.
Ya Allah, sehatkeun, panjangkeun yuswana, bagjakeun kahirupan dunya ahératna.
Komentar
Posting Komentar