Wajib ka jalma islamna # Uninga Rundayan nana Jeung Nabi utusan Allah # Muhammad
putra Abdulloh Abdulloh putra Muthollib # Muthollib putrana Hasyim Hasyim putra
Abdimanaf #Abdimanaf putra Qusoy Qusoy putrana Kilab # Kilab putrana Muroh Muroh
putrana Ka’ab # Ka’ab putrana Lu’ay Lu’ay putrana Gholib # Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik # Malik putrana Nadzor Nadzor putra Kinanah # Kinanah putra
Khuzaimah Khuzaimah putra Mudrikah # Mudrikah putrana ilyas Ilyas putrana Mudzor
# Mudzor putrana Nizar Nizar putrana Ma’ad # Ma’ad putrana Adnan Nuwajib dugika
Adnan # Weunang nguningakeun nana Ti Adnan dugika Adam # Sabab taya jalan Shoheh
2x Wajib deui uningana # Rundayanna ti ibuna Jeung Nabi utusan Allah # Muhammad
putra Aminah Aminah putrana Wahab# Wahab putra Abdimanaf Abdimanaf putra Zuhroh
# Zuhroh putrana Kilab Tepang deui jeung Ramana # Ti kilab janggarwarengna Jadi
ibu jeung ramana # Masih keneh sarundayan 2x Ari putra kanjeung Nabi # Aya opat
anu istri Siti Zainab nu kahiji # Ruqoyah nu hiji deui 2x Fatimah nu katiluna #
Ummi Kulsum ka opatna putra anu pang cikalna# Sayyid Qosim kakasihna 2x Sayyid
Abdulloh rayina# Ibrohim nu katiluna Eta nu geneup putrana# Siti Khodijah Ibuna
2x Sayyid Ibrohim Ibuna# Mariyyah Jeunengan nana Istri nu bangsa kibtina # Tah
kitu turunan nana 2x Putra nu pameugeut kabeh# Pupus keur aralit keneh Nu istri
caroge na teh# Para sohabat nu sholeh 2x Siti Zainab carogena# Abdul ‘ash
jeneungan nana Siti Ruqoyah carogena# Sayyid Ustman mimitina 2x Geus Siti
Ruqoyah hilang # Anjeunna turun karanjang Umi Kultsum putri lanjang# Ditikah
gentos nuhilang 2x Caroge siti Fatimah# Sayyid ‘Ali nu katelah Bikaromallohu
wajhah # Anu kamasyhurkeun gagah 2x Urang kudu cinta ati #Katurunan kanjeung
Nabi Poma ulah goreng ati# Sumawonna iri dengki 2x
Yaa Arhamarrohimin.. Farrij Alalmuslimin.. Hayu urang reunian.. Kumpul kumpul jeng babaturan Hayu urang babarengan.. Ngariung jeung sosonoan.. Hayu Urang reunian...rasa tadim ka guruan Ka guru urang nepangan.. Menta do'a kaberkahan.. Hayu urang di niatan.. Sumping nyumponan uleman.. Panggeuro guru nu heman.. Mugi hasil kamangpa'atan.. Bagja hirup lin ku harta.. Komo ku pangkat komara.. Lain ku banda jeung dunya.. Tapi ku elmu nu aya.. Elmu ladang di wurukan.. Sareng guru di payunan.. Ngapalkeun jeung rerencangan.. Tangtu elmu na nambihan.. Elmu nu ladang di kaji.. Di payuneun sang murobbi.. Jadi beukeul pikeun diri.. Kenging bagja nu haqiqi.. Salam Reuni HABKAH anu ka 5
Komentar
Posting Komentar