Al-Barokah Bandung, 4 Januari 2020
BAGJA ATAWA CILAKA?
..........................................................
Sur mama ajengan mushonif, perkara Bagja jeng cilakana hiji jalma teh geus aya catatn tidituna. Tapi lain harti ku geus aya katangtuan eta urang nepikeun ka porot tina amal pedah sieun ngarasa percuma mun gawe alus nyatana d akhir geus digariskeun kudu cilaka. Lain, lain kitu...
Eling eling ieuh yen katangtuan eta th aya cirina. Cirina jalma ahli bagja teh nyaeta bakal dibabarikeun manehna beramal sakumaha ahli bagja. Diantarana lamun aya jalma resep k pangaosan tah meureun eta th cicireun jalma bakal jadi ahli bagja da aya dina jalan nu bener mungguh alloh, nya kitu oge sabalikna urang kudu sieun dina nalika ayeuna diri urang hese mun rek diajak bener, boa2 eta th ciciren rek d asupkeun ka golongan ahli cilaka. Na'udzubillah tsuma na'u dzubillah.
Sagalana ge mungkin mungguh alloh mah, hate urang aya dina kakawasaanna. Gusti maha kawasa moalk malikkeun hate hiji jalma. Salahsahiji kalaziman saha jalma nu d mmitian ku ngalakukeun hade ke diakhirna bakal hade, mun dimimitian goreng d akhirna bakal goreng tapi aya oge katingalina mh ahli bagaja pek diakhirna su'ul khotimah. Naha bisa kitu? Bisa. Sadayana kersaning gusti Alloh, ngan kajadian mahiwal sepertos kitu th langka ayana.
Sabab kitu mugi gusti Alloh snantiasa maparinan taopek jeng hidayahna sangkan hate urang sentiasa dibelokkeun dina amal kahadean.
Wallahu'alam
--------------------------
Majlis ka opat Al-majaalis As-saniyyah
.
.
.
"keun bae teu kudu ngaji ari moal maraot mah"!
(akang sepuh)
Komentar
Posting Komentar